Halangan Diri : Darso

Posted by dddarmawan On Jumat, 23 November 2012 0 komentar

Na kunaon sagala rupa
ngan aral, gagal jeung gagal
soal cinta jeung usaha
kandas pamaksadan

Kamudahan bet ngabalieur
kalah ka ngan naronggongan
paruntungan lumpat ngajauhan
naha-naha kunaon

Reff ##

Boa-boa Halangan Diri
nu mang rupi dosa-dosa
kajongjonan, kangeunahan
ngumbar-ngumbar larangan

Boa-boa Halangan Diri
nu mang rupi dosa-dosa
nu ngajajar meuni panjang
sapanjang jalan kareta

Aduh Gusti aduh Gusti kumaha ngentengkeun nana
aduh Gusti aduh Gusti kumaha ngabebaskeuna

Panon cireumbay mapay-mapay pipi
ragragan kana sajadah
nginget-nginget laku lampah
ninggang salah jeung salah

Hate anu meulit
hate nu ngajerit
kabeulit ku dosa-dosa
biwir nungageter ngedalkeun rasa ngiwa
ampun-ampun duh Gusti 


0 komentar:

Posting Komentar